KEMBANG TEU LIGAR



Ku : Ade Sujana 
(Guru dan Penggiat Sastra Sunda)


CAKRA Banten,- Saminggu ka tukang kaanjangan Emang ti Tangerang, maksudna rek ngajak digawe ka kuring. Nu jadi kolot kacida atoheunana, geus puguh ari kuring sorangan mah. Rek teu kitu kumaha atuh, geus ngalamar ka mana-mana, nepi ka kiwari can boga pagawean keneh alias nganggur. Di Lembur teu puguh pacabakan, iwal ti ngabantu-bantu pagawean kolot melak palawija jeung nyawah. Rek digawe di Tangerang nuturkeun nu jadi Emang teh tatangga geus arapaleun, babaturan oge ngahaja dibejaan, amitan rek digawe nu jauh ti Lembur sarta menta piduána ti sarerea ka asup nu jadi kolot, oge ka lanceuk-lanceuk.


Isukan bada subuh kuring rek indit ka Tangerang, kuring bakal ninggalkeun sobat-sobat nu di Lembur, papisah jeung kolot. Ti mimiti Isukan oge bakal ninggalkeun Lembur sorangan. Ti poe isuk oge kuring bakal papisah jeung ceungceuman hate, saha deui mun lain Neng Tuti.


Hate galecok, “Duh Enung, hampura kuring ninggalkeun,tong salempang, tong hariwang, cekel pageuh janji urang”. 
Kembang anu ngahaja dipelak hareupeun imah nu dipupusti ti kamari, anu dijaga ti baheula, teu sirikna unggal menit ditempoan, hate ngagerentes “ Isukan mah moal ningali anjeun.” Teu sirikna kembang teh diusapan, dicebor lalaunan pisan, inggis kembangna henteu ligar, inggis kembangna aya nu murag.  


Sabenerna mah beurat ninggalkeun lembur sorangan teh, geus betah ti baheula keneh ti keur budak, sok sanajan kaayaan lembur kuring ayeuna jeung baheula beda pisan kaayaanana. Baheula mah walungan teh caina herang, ngagulidag, meh ampir unggal poe jeung babaturan tiap sore sok ngahaja mandi ka Irigasi, ngadon ngojay, gagajlengan jeung babaturan. Mangsa harita kacida suka bungahna, silih suntrungkeun, silih simbeuh, bari ting barakatak sareuri. Nu sakali mah ngojay teh teu inget kana waktu, kamalinaan, nepi ka disusulna ku nu jadi indung. Barudak bubar, sapanjang balik digelendeng, dipapatahan ku nu jadi kolot, mun ulin tong kamalinaan teuing, ulah poho kana waktu. 


Kiwari, walungan teh ngaheureutan, caina kiruh sarta ngoletrak. Karunya ka patani, sakapeung mah keur nyebor palawija atawa nyebor sawahna sok nyedot make mesin, make selang nu sumber caina ti Girang anu sakitu jauhna, bari jeung kudu ditungguan sapeuting jeput. 


Mun inget jaman baheula, sok hayang balik deui ka mangsa keur budak, ucing-ucingan, maen bal, ngadu kaleci, ngadu panggal, jeung kaulinan lembur lainna nu tempat arulin barudak teh di Kebon awi anu sakitu legana. Kiwari kebon awi euweuh dikieuna, bangunan jlug-jleg dimana-mana, nu asalna kebon awi teh geus pinuh ku imah, nu nyicinganana rereana urang kota nu ngahaja meuli tanah terus ngawangun imah di dinya. Baheula keur budak mun jajan teh meuli esrot, jinten, keremes, masih inget kurupuk kemplang dibagi dua dipotongkeun da babaturan mah rek meuli teh teu boga duit cenah, mun hayang nginum baheula mah tinggal ngenta we ka warung geus nyampak dina teko jeung cangkirna, ayeuna mah kudu sarwa meuli, rupa-rupa hayang kainuman nu kumaha. Hayang kainuman merek naon nu wadahna oge dibotolan atawa ku gelas palastik, nya kitu oge dadahareun, kiwari meh ampir kabeh jajanan barudak. sarwa instand, teu cara baheula cukup dibungkus ku daun cau,atawa keretas, ka tarasi-tarasi ayeuna mah aya nu dibungkus instand teu kudu dibeuleum heula. Baheula, mun peuting teh paroek mongkleng da di Lembur teh can aya listrik, di tiap imah make damar tempel, aya oge nu make lampu patromak. Nyarita lampu patromak teh, inget jeung nu jadi emang sok dibawa ngadamar ngala belut. Ngiclik we ti tukang nuturkeun bari mawa ember wadah belut. 


 “Allohu Akbar.....Allohu Akabar....,”


Kadenge hawar-hawar sora adzan maghrib. Lamunan kagareuwahkeun. Gancang ka luar ti kamar, terus leumpang rurusuhan ka Masjid, beres ti Masjid, datang ka imah, nu diburu teh HP, bener wae aya dua panggilan tak terjawab ti Neng Tuti. Gancang di telepon balik, ngobrol lila ngaler ngidul, anu pokona mah tadi nelepon teh, nandeskeun yen isukan jadi nganteurkeun kuring indit ka Tangerang, nepi ka Terminal. 
 Aya nu leuwih dipikabeurat salian ninggalkeun lembur sorangan teh, nyaeta beurat ninggalkeun Neng Tuti. Manehna bebene hate anu satia , cinta kuring ka manehna lain ngan ukur pupulasan, tapi Neng Tuti keur kuring mah, nu hiji nu jadi harepan, tresna kuring, tresna anu saenyana. Antara kuring jeung manehna geus janji, moal arek kapincut komo kagoda, komo deui mun arek midua cinta. 
Basa papisah di Terminal, dibarengan ku carinakdakna nahan cipanon, Neng Tuti, nyarita : “A, Cinta urang, ngahiji enggeus laksana, cinta urang, ngan ukur urang nu boga, cinta urang nu saati, nu sajati nu tangtuna oge moal bisa dibagi-bagi. Omat nya A, cekel pageuh janji urang. Ngadenge kitu kuring teu bisa ngajawab, ukur bisa neuteup, leungeun silih cekelan pageuh pisan, embung lesot. 


Sapanjang inditkeun dina beus, kabeneran diuk teh deukeut kana kaca atuh atra pisan pamandangan nu kaliwatan teh. Ret kana tatangkalan nu kaliwatan, katingalina semu anu ngagupayan, gupayna bebene kuring, saha deui mun lain Neng Tuti mah. Tapi naha daun bet tarungkul ? Kuring ngalamun, ras inget kana kembang anu aya di hareupeun imah, kamari mah mekar jeung seger, tapi naha tadi isuk-isuk basa kuring rek indit, direret malahan mah dicabak kembang teh katingali henteu ligar, palangsiang nepi ka paeh mah.


 Alhamdulillah, betah di pagawean teh., sok sanajan ari cicing mah masih di imah nu jadi emang, eta oge rek ngontrak maksudna supaya henteu ngariweuhkeun teuing, tapi dicarek, da kabeneran aya sababaraha kamar nu kosong. Tibatan kosong sok we eusian cenah. Teu karasa geus ampir dua taunna digawe teh, Salila eta, ari nelepon atawa nga-WA mah teu pernah eureun, matak asa teu jauh nya ari hate mah adug-adugan hayang panggih, sono ka manehna teh. Nu sakali mah basa balik ka Lembur teu sirikna ampir sapoe jeput nganjang ka imahna teh, enya da samporet waktu, libur ngan sapoe. Harita kuring mere erloji, meuli erloji teh ngahaja disaruakeun merek jeung modelna, keur kuring model anu lalaki keur manehna model arloji awewe. Mere arloji teh, lain ku erloji-erloji teuing maksudna mah tapi ngingetan kana waktu, sangkan waktu teu di ngamomorekeun, nu leuwih penting mah ngingetan kana waktu sholat, tangtuna oge lain ngan saukur inget wungkul kana waktuna, tapi bareng jeung prakna, saperti anu ngahaja ditulis ku kuring dina sacewir kertas diselipkeun dina jero dusna dikadoan.


Kadieunakeun, geus sababaraha kali nelepon ka bebene hate teh,saha deui mun lain Neng Tuti. HP na teu aktif, WA oge euweuh balasan. Teu jadi pikiran, paling oge manehna teh keur sibuk nyanghareupan ujian skripsi, namatkeun kuliahna. 


 Kabeneran aya cuti ti pagawean lilana sapuluh poe.. Geus lila boga niat rek ngalamar bari sakalian ngarencanakeun oge ka bale nyungcung. Indung jeung bapa geus diobrolan, kaasup dulur-dulur, emang oge geus apaleun.Kuring rek balik, rek ngalamar.


Basa kuring balik ka Lembur, “Mana gupayna tatangkalan ? Paingan daun bet tarungkul ! Pantes kembang henteu ligar. Anjeun jalir. Teu sangka jauh tina panyangka, anjeun sulaya tina basa. Ayeuna duka dimana, aya beja geus ngadua. Anjeun Jalir”.


“Sing sabar Jang, urang mah ngan ukur boga rencana, Allah nu nangtukeun mah.”
Ceuk Indung neuteup ka kuring. Kuring unggeuk, teu karasa cipanon nguyumbang dina kongkolak panon.


Bojongkunci, 2023 katompernakeun



Editor : Redaksi CAKRA Banten 

1 Komentar

Posting Komentar

Lebih baru Lebih lama