Beungeut Dia


Ku : Rohéndi Pandeglang.



cakrabanten.co.id,- Lembur juara kabersihan ngadadak dihaliwukeun deungdeungeun. Lalanjung ku beubeungeutan. Dina tihang, bilik, tangkal, suhunan, palupuh, panto, nepi dina lisung aya beungeut.  
Ngeun, Jaro tenang-tenang baé. 
"Biasa dikonokeun sajagat, lembur urang mah jing!" Cenah.


Rebun-rebun Bah Kemed Haliwu hareupeun Balé Désa.
"Jarooo... Mata aing ruseb, ceuli aing garieung, léngkah aing karagol usrag-asrog, gara-gara anak dia nu nyalegleg!" Ceuceuleuweungan ngagareuwahkeun nu araya.


Kabéhan ukur neuleu, papada mantékeun panyangka, ja kabéhan paham maksudna. Ngarasa deuih kabéhan géh. Jadi marilih cicing.

Puguh Jaro mah, ngadedempés di pojok musola kantorna.


Mbi Marsah norojol geugeuraan nyampeurkeun Abah bari garo singsat.
"Meujeuh. Leus baé Bah. Najan pangdeuleu ruseb ku gambar, déngé pinuh ku pangajak, ruang-riung pada ngecewiskeun géh. Kapanan anak Jaro ké ngagantian ku program cenah géh, ti gedong déwan, geun!"


"Beungeut dia, mun meunang kitu géh!" Abah Kéméd samutut.

1 Komentar

Posting Komentar

Lebih baru Lebih lama