CARPON : BMW WARNA BULAO

Foto ilustrasi 


Ku : Teteng Jumara 
(Pengasuh Saung Sastra Tangerang Banten)


Panon poe lingsir ngulon waktu kuring tepi ka tanjakan,  jalan nu geus ampir nepi ka tungtung lembur pamatuhan. Indung kuring katut adi-adi nu masih keneh araya di lembur maturan indung nu geus ampir jompo; ari bapa geus tiheula ninggalkeun alam dunya waktu kuring masih kuliah keneh.


Sakapeung mah sok ras ka nu jadi bapa nu tos aya di alam kalanggengan, rumasa can kaburu mulang tarima - nyenangkeun ka anjeunna nu sakitu ti poporosena nyakolakeun kuring nepi ka bisa sakola ka paguron luhur sarta ngahontal gelar kasarjanaan nu pikeun urang lembur kuring mah kawilang nyongcolangna, da lolobana mah ngan sauukur tamat sakola dasar terus we buburuh macul atawa indit ka kota jadi buruh pabrik. 


Eta teh estuning ku usaha nu jadi bapa nu keyeng hayang anak jadi sarjana; “Ulah siga bapa, anak mah kudu palinter sakola luhur, sarta boga jabatan di pamarentahan pikeun kamaslahatan jalma rea “. Saur bapa basa kuring ngariung sakulawarga. Tada teuing reeusna lamun anjeuna aya keneh dikieuna, kalayan nyaksikeun kuring leuleutikan ge geus dipercaya nyekel jabatan di pamarentahan. 


Sanajan kitu masih aya keneh kahanjakal nu pastina oge tacan nyugemakeun ka anjeunna, nyaeta kuring nepi ka kiwari teh tacan diparengkeun rarabi, boga batur hirup pikeun sapapait samamanis ngarungan kahirupan sarta boga katurunan nu bakal ngalangsungkeun kahirupan di alam dunya ieu. 


Nu jadi indung mah jeung adi-adi geus pada ngagambreng, “Iraha atuh Dedih teh rek laki rabi, bisi kaburu kolot. Rek neangan nu kumaha, sakitu geus pada ngahelaran. Saha nu teu hayang meunangkeun pagawe pamong praja jabaning geus nyekel jabatan. Heg,  geura-geura, ema geus hayang mangku incu ti Dedih !” saur ema, sakali mangsa basa kuring keur balik ka lembur. 


Teu karasa ari bari ngalamun mah leumpang teh geus ampir nepi ka buruan imah ema, kasampak rehe pisan, sigana mah keur di jero imah atawa nuju dibalong, da ema mah rajin pisan ngalongokan balong teh, eta saurna bisi laukna can diparaban. Kabiasaan ema lamun ka balong teh sok nyandak bakatul, huut nu masih keneh campur jeung beunyeur, teras diawurkeun ka luhureun balong,  laukna teh mani pating arajol nyaplokan bakatul parebut jeung pada baturna bangun nu galumbira naker di paraban teh.


Teteng Jumara, pengasuh Saung Sastra Tangerang Banten


“Assalamu’alaikum!” kuring uluk salam rada ditarikeun.

“Wa’alaikum salam!” soanten ema ti jero imah, bray mukakeun panto bari tuturubun nyampeurkeun ka hareup.

“Euleuh, geuning Dedih ! wayah kumaha ti Bandung “ 
“Siang keneh, Ma. Ngahaja supados teu kasontenan dugi ka lembur. “jawab kuring bari solongkrong ngasongkeun leungeun sungkem kanu jadi indung. 

“ Sukur atuh, pek geura cucul-cucul heula. Ema rek nyiapkeun heula cai jeung ngahaneutkeun sangu. Meureun lapar can dahar. “ bari jeung keprak keprik di dapur, sakitu ku kuring di hulag ge.


Bari ngareureuhkeun cape jeung nuuskeun kesang, kuring ngagoloyoh ka bale, angin ngahiliwir ngageberan awak nu bayeungyang, sora manuk cangkurileung dina dahan mahoni mani recet patembalan jeung pada baturna; seger karasana tengtrem lain pupulasan teu siga di kota hawa seger teh dijieun tina AC, tiisna jijieunan malah mah lamun kaseringan teuing mah, matak pipanyakiteun ceuk beja mah. Keur jongjon gegelehean, lar aya wanoja ngaliwat ka buruan.

“Punten, ngiring ngalangkung !” sorana laun tapi halimpu.

“ Mangga !” walon kuring rada ngagebeg pedah teu katempo ti anggangna, nyaho-nyaho geus aya di hareupeun, jeungna deui asa kakara papanggih jeung wanoja jangkung leutik make kurudung warna kayas mah; sigana mah lain urang lembur eta wanoja teh, da ceuk rarasan urang lembur Sukaherang mah kabeh ge meh ampir wawuh ; “Sigana mah lain urang dieu eta wanoja the,” gerentes hate, noroweco sorangan jeung hate banget ku panasaran, lamun lain urang lembur terus saha atuh manehna, atawa meureun nu keur nyemah ka dulurna. 


“Dih ! nu tadi ngaliwat teh, neng Anita mahasisiwi kadokteran nu keur KKN di lembur urang, kayungyun ku bageurna lamun ema panas tiris saeutik ge, teu sirikna cakah cikih ema teh dipariksa taliti pisan terus di pasihan obat tepi ka cageurna. “Saur ema mani pertentang pisan ngajelaskeun wanoja nu tadi ngaliwat teh. Manahoreng ema ti tatadi nyerangkeun kuring keur patanya jeung wanoja nu dipanggil Anita teh.


“Euh, geuning ema tos tepang ? “ ceuk kuring panasaran.
“Lain tepang deui, lamun salse tina kagiatan teh, neng Anita sok lar sup ka imah ngadon ngobrol maturan ema di dieu. “
“ Kutan, kitu ? “
“ Aya alusna, Dedih ka dieu ayeuna . Ti kamari keneh sabenerna ema hayang nepungkeun Dedih ka neng Anita, panuju pisan emah mun diparengkeun Dedih ngajodo ka neng Anita teh, moal salah eta mah pipamajikaneun teh, keur bageur teh pinter deuih calon dokter.” Saur ema siga nu satengah menta ka kuring.


“Tepang ge teu acan, Ma !
“Nu matak, meungpeung keur di lembur,  gancang tepungan atawa engke geura sok nyampeurkeun, tapi sigana mah moal meureun, eraeun pedah aya Dedih di imah. “Saur ema.


Pasosore kuring indit ka pancuran, nu pernahna aya di sisi lembur, bari sakalian hayang nempo lauk piaraan ema, sigana mah geus galede kayaning lauk emas, jaer nila, gurame, nilem, sepat jeung sabangsaning lauk nu laleutik lalucu naker pating soloyong , pating jumpalit dina cai canembrang herang nu ngocor tina pancuran awi, bari teu poho mawa bakatul saperti kabiasaan ema ari nempo lauk ka balong. 


Keur jongjon ngawur-ngawur bakatul ka luhurun balong, teu kanyahoan di gigireun aya nu nyampeurkeun, “Nuju maraban lauk ?” sorana laun tapi halimpu. Kuring rada reuwas, barang  direret, geuning wanoja nu tadi di dongengkeun ku Ema; Anita make kurudung warna bulao pakaian terusan kembang-kenbang basajan pisan keur ukuran urang kota mah, dina taktakna myapaykeun anduk bari ngajingjing ember leutik dieusi sapuraning alat-alat mandi, kayaning sabun, sikat gigi, shampoo, jrrd. 
“ Sumuhun, panasaran parantos lami teu ningal ka balong, geuning laukna parantos arageung !” Walon kuring bari nyampeurkeun ngadeukeutan ka manehna.
“Geuning, ngersakeun siram di pancuran ?“ 
“ Sumuhun, raos caina herang ngagolontor tina pancuran, matak seger karaosna “ Walon manehna bari imut ngagelenyu. Hate nyeredet waktu nempo imut nu sakitu kayungyunna, biwirna ipis dipoles ku lipstick warna kayas saheab, pipina rada kempot saeutik waktu manehna imut teh. 


Hate tagiwur samar rampa samar polah, teu pupuguh awak asa panas tiris. Geus lila kuring tara deukeut komo deui bari ngobrol jeung wanoja, waktu sagemblengna kasita ku pagawean nu merul teu eureun-eureun, kalan-kalan loba tugas ka luar kota aya mingguna. Urusan wanoja mehmehan kapopohokeun, nu matak nu jadi indung ngagambreng wae supaya kuring gancang boga pamajikan, pikeun batur hirup.


“Kunaon ngalamun, emut ka nu dikantunkeun, nya ? “ ceuk manehna beuki wanteran wae ngagoda ka kuring.
“Euh, sanes itu ningal lauk rupina mah lapareun mani pating arajol nyantokan parab. “ Walon kuring nyalenggorkeun obrolan, era katohyan keur ngalamun. Puguh mah enya.
“Punten, Nita teh kuliahna di kedokteran Unpad ? “
“Sumuhun, geuning parantos uninga ? aya wartos ti saha ? “ ceuk manehna bari semu nyilidik, panonna neuteup seukeut kana panon kuring. Herang siga talaga, liuh linduh matak betah, hayang kokojayan neuleuman jerona talaga bari mandi nyeuseuh diri, susuganan papanggih jeung mustika ati nu salila ieu dianti-anti.


“Pun biang, nu nyarioskeun teh. Saurna Nita sering linggih ka rorompok nyarengan anjeuna, atanapi ngalandongan upami pun biang kaleresan teu damang. Hatur nuhun kana perhatosannana ! “ ceuk kuring bari males neuteup panon ceuleumeut nu canembrang herang siga talaga.
“ Ah, kaleresan upami nuju teu aya kegiatan KKN. Anjeuna ge sering nyaurkeun akang, numawi Nita ge sakedikna parantos terang ka akang. “ceuk manehna bari teu weleh imut kareueut pisan. Teu siga-siga manehna urang kota, sabrehan mah teu dipiceun sasieur wanoja urang lembur Sukaherang, pakaian basajan pisan, teu loba gaya saperti kalolobaanna wanoja jaman ayeuna,  estuning papakaian sawajarna pisan, tingkah paripolah kayungyun matak resep nempona; ka saluhuran teu weleh hormat ka sahandapeun ngahargaan, keur urang lembur mah estuning pada muji, keur pinter teh sopan. 


Anita luwes jeung pinter nitipkeun diri, salila KKN di lembur bisa pindah cai pindah tampian, nyaluyukeun paripolah, adat, kabiasaan jeung urang lembur. Nyakitu deui hubungan jeung kuring tambah lila tambah raket wae, katurug-turug direremokeun ku batur salembur , pajahkeun teh cocok cenah Dedih jeung Anita mah siga Rama amprok jeung Sinta dina lalakon pawayangan, atawa Saija jeung Adinda dina carita roman di tatar Banten. 


Ah, pedah we meureun kuring lalajangan keneh, Anita oge nya kitu. Tapi sanajan kitu, kuring ge masih keneh aya kapanasaran, naha enya Anita teh daek dipaharep ku kuring, nya kitu oge kulawargana nu aya di kota. Padahal salila ieu, kuring tacan apal kulawargana; kumaha sikap perilakuna, boa-boa jauh tanah ka langit tina harepan nu diangen-angen ku kuring, meureun kolotna Nita mah moal daekeun narima minantu ka kuring nu ngan saukur turunan tukang tani di lembur, lain turunan pajabat, birokrat, atawa politisi nu bakal jadi kabanggaan kulawarga jaman ayeuna. Tepi ka danget kiwari, kuring can pernah ditepungkeun jeung kulawarga Anita nu aya di kota, nya kitu deui salilana kuring panggih jeung Anita lamun keur pareng balik ka lembur, tacan pernah kuring panggih di Bandung. 



Poe, hade sorena. Balik ti kantor kuring jalan-jalan ka Gasibu hareupeun Gedong Sate, bari niiskeun pikiran nu pinuh ku rupa-rupa pasualan di kantor. Susuganan ari loba tetempoan mah cenghar pikiran teh, teu pajurawet teuing. Jelema pasulabreng, balawiri aya nu leumpang, aya oge nu naek motor, malah teu saeutik nu make mobil aralus kaluaran panganyarna, pa herang-herang, pa mencrang-mencrang nu tumpakna awewe lalaki gareulis, pakaiannana pa alus-alus, pa mahal-mahal loba nu buatan luar nagri moal kahontal ku ukuran pagawe ukuran kuring mah. 


Keur jongjon nalingakeun kendaraan jeung jelema nu balawiri, lar ka gigireun mobil sedan BMW warna bulao, eusina dua nonoman geulis jeung kasep make papakaian sing sarwa mewah, kabeneran si wanoja ngareret pas ka hareupeun pisan. Gebeg kuring reuwas, “Nita !“ satengah teu percaya kuring neuteup ka manehna. “Bener kitu eta teh, Nita. “gerentes hate, kebek pinuh ku kapanasaran. Tapi asa jauh tanah ka langit, lain Nita nu kuring dipikasono nu basajan, sopan, teu weleh make kurudung, lucu matak pikayungyuneun. Tapi, ieu mah wanoja kota nu sing sarwa modern, make pakaian jeung mobil mewah, buuk ngarumbay katebak angin, angkuh tur sombong.


Panon angger neuteup geuleuyeungna BMW warna bulao nepi ka ngilesna pagaliwota jeung kendaraan sejen. Talaga nu caina canembrang herang, liuh linduh paranti kokojayaan, saharita burakrakan teu aya nu nyesa, ancur mancawura patulayah dina hate nu teu nyesakeun harepan. Kembang asih nu mimiti sirungan, maluguran keteumbag angin usum katiga. Pileuleuyan panutan, geuning asih jeung cinta urang ngan saukur aya dina alam lamunan, dina alam rekaan nu pinuh ku kapura-puran, dina panggung sandiwara. Pileuleuyan jungjunan !


Editor : Redaksi CAKRA Banten 

1 Komentar

Posting Komentar

Lebih baru Lebih lama