Kalangkang Lamunan

Foto Edi Cahyadinata


Ngambah mangsa ka tukang
Mapay mapay gantar rasa 
Nyaliara kana sela sukma
Endah … waasna harita
Pinuh ku carita bagja
Ngan hanjakal, carita tinggal waasna 
Moal bakal karandapan 



Sajorelat sakolebat 
Hate gening bet nyeredet
Emut mangsa nu kaliwat
Sanajan saliwatan , hate bet tibelat


Lembur nu mawa catur
Pasawahan subur makmur
Ayeuna tos siga bubur
Ancur lebur teu sapetos kapungkur



Post a Comment

Lebih baru Lebih lama