Carpon "LALAKON KI SUTA"

Oleh ; Rohéndi Pandeglang



cakrabanten.co.id,- Padahal alam kacida éndahna. Padahal kahirupan kacida tingrimna. Padahal teu kurang sandang, pangan jeung papan. Ja di dinya mah puguh sagala nyampak. Jaba urang dinya mah geus biasa barang jieun ku sorangan, tilok ngandelkeun deungdeungeun ti paluaran. Tapi pikeun Suta, anak Girang Serat ti kampung tangtu Cikeusik, kaayaan doang kitu éta karasa matak bosen jasa. 


“Lalanjung kami ieu, hirup ku kieu-kieu baé!” cenah. Ngutruk ampir unggal wanci.
Tapi najan kitu, ari sapopoé mah tilok ngalawan kana papatah kolot. Ka huma, leuweung, kebon, babantu mun aya upacara, guyub jeung tatangga, kadeuleuna mah kabéh dilakonan doang sadrah, teu kadeuleu luh-lah komo bari mamarahan.


“Laju dia hayang kumaha atuh Lup, ja kapanan urang mah diguratkeun ku luluhur pikeun tatapa, napaan alam, ngajaga bumi panyicingan jalma réa! Teu sadar tah dia kana amanat? Atawa teu narima boa mah, kana guratan takdir ti Sang Hyang Keresa?” Kokolot nalék, basa Suta ngalamun sakebel-kebel di huma peuntaseun Ciujung.


Nu ditanya teu ngajawab, ukur ngarérét saémét ka nu nanya. Sadilak jasa, laju neruskeun mantékeun paneuleu ka jauhna. Anteng ngilikan léorna cai walungan, nu luak-léok nyingkahan babatuan nu pataringgul sapaparat Ciujung nu alum.
Mangsa rérés Kawalu, Ngalaksa jeung Séba, lamunan ieu jalu anak kokolotan Cikeusik beuki teleb. Beuki sering kadeuleuna. Deungdeungeun sukan-sukan galumbira, basa usim ngéwékeun para cawéné jeung parajaka, paselang nu nyundatan, Suta kadeuleu teu bérag. Sok nyingkur, nyingkahan baturna. Anteng baé nyorangan.



Coréngcang tihang, rebun-rebon jasa, masarakat kolot-budak, jalu-bikang, cawéné-parajaka, ngarantay mapay jalan satapak, ngaliwatan sababaraha lembur. Rék ngaseuk di huma sérang. 

“Taaaa…Sutaaa… dia ngabedugan nyah. Bedugna mah geus dibawa ku kami!” Aja gogorowokan ti jorongan imah Girang Serat. 

Ti jero imah euweuh nu ngajawab. Suwung. 

“Olot Girang Serat doangna geus leumpang tiheulan!” pamikir Aja sabatur-batur.

Nu ngageroan teu kuciwa, ku euweuh nu ngawaro.  

“Biasa Suta mah, gati ngajawab panalék.” Baturna nyalaladar. 

“Éta mah bawaan, leus teuin, biasa ieuh, apal kami mah!” cenah, wijaksana jasa.

Di huma kokolot, Aja sabatur-batur haliwu ngokonokeun Suta, ku pédah teu ilu ngangklung, komo ngaseuk. Padahal tilok katinggaleun dina acara kitu biasana mah.
“Keur dititah kokolotan doangna. Ngeun teu betus panitahna ka urang-urang. Urusan penting badéngna mah!” baturna ngabadé-badé.


Sausim pangorédan huma, nepi ka meujeuh nangtungkeun Calintu na dahan pucuk kai huma, Suta weléh teu kapendak habar hadé-goréngna. Leungit wartana, ilang béjana, suwung wadulna. Bari ku anéhna, teu jadi bahan cacahan para kokolatan, mun seug ngaronda atawa ngawaradul di patepasan.


Aja sabatur-batur ukur ngabadé-badé, mapantes ku pamikirna séwang-séwangan. Ka mana, di mana, kumaha kaayaan Suta, batur saamprékan nu pangonjoyna dina sagala widang.
Tepung mangsa Ngalaksa deui, Suta, parajaka Cikeusik, nu loba baladna jeung panggancangbisana dina sagala widang, weléh euweuh béjana.


Laju, matak beuki anéh jeung hélok Aja sabatur-baturna; Ayah Suta, abahna Suta ogénan, teu kadeuleu sedih. Euweuh béjana nyiar anakna ka mamana. Malah nanya ka batur amprékanana géh tilok. Doang biasa baé geun.


Sedengkeun Aja, moal barang wani nanya ka Ayah Suta, ja puguh kokolotan anu kacida dipihormat kabéhan urang-urang Wiwitan. Girang Serat éta, kaasup pangurus lembur, lembaga adat nu teu sambarangan jelema wani tunyu-tanya.  



Béak taun béak windu, Suta panungtunganna mah leungit tina cacahan Aja sabatur-baturna. Geus mah kabéhan géh husu tatapa ngabaratapakeun, ngabaratanghikeun. Napaan alam di buana panca tengah, pikeun ngajaga lemah wiwitan, leuweung larangan, alam kabuyutan, titipan Batara Cikal ti Sang Hayang Tunggal, Maha Keresa nu ngersakeun ayaning buana.
Engeuh soténan ingetan urang Wiwitan ka Suta, basa Ayah Sarna, nya Aja téa nu kuari mah nelahkeun ti anakna, kapancén pikeun jadi juru basa dina Séba ka Kasultanan Banten.  


Ngaleut leumpang suku ti Wiwitan ka kalérkeun, nunutur Walungan Ciujung, ngénca saeutik, bras ka Surosowan. Lalampahan sapoé sapeuting jasa. Bari angkaribung babawaan, pikeun pamuka lawang ka nu kasabaan. Tamba léngoh teuin.


Jog ka Gapura panghareupna, dibagéakeun Gamelan Mésapatra di wawangunan Sri Manganti. Sawarana matak kelar nu ngadéngé. 
“Béda jasa jeung sawara koromong urang nyah?!” ceuk nu daratang, urang Wiwitan ti pagunungan. 


Sanggeus dianteurkeun ku ponggawa ka Paséban utama, laju aya ngemprung deui, béda gamelanna. Nu ieu mah katélah Gamelan Sakati. Sawara gamelanna teu pati bedas, ukur ngagerenggeng, méh-méhan teu kadéngé. Najan laun, tapi karasa hégarna, kelar marengan nu Séba mémérés jajaran sila, sakebel nanggoan disampeurkeun pribumi.   


Barang kabéhan geus ngariung, ilang beueus késang jeung dibéré pangganjel peujit ku palawari karaton, ka Paséban Surosowan aya nu daratang ti jero karaton. Aleutan Sultan Muhammad Arif Zainal Asikin, nu agung wibawaan. Dedeg sampé rupa hadé, lalaki gagah, soméah hadé ka sémah. Di burieunana nuturkeun para pangagung Kasultanan Banten. 


Sultan diuk dina korsi, pas jasa hareupeun Ayah Sarna salaku wawakil kampung adat. Laju para pangagung séjénna, guk-gék dariuk sarila kénca-katuhueun Sultan.


Dina tungkulna, pangdeuleu Ayah Sarna mah seukeut neuleu Sultan jeung para pangagung hareupeunana. Muncreng, moncorong ka sakur nu daratang ngabagéakeun. Hiji-hiji dipantékan paneuleuna, ja sieun aya nu kaliwat, pang bébéja ka Puun, gemet kacaritakeun.
Ayah rada kerung barang neuleu nu sila gigireun Sultan. Pangrasana asa moal kapalingan. Aya jelema nu geus leungit tina cacahannana urang Wiwitan. Dirina ku yakin, éta balad manéhna nu sagala bisa, basa nyorang reureujeungan hirup, ngalakonan adat di Wiwitan.


Najan ngagunung kayakinan, yén moal kapalingan deuleu, henteu ari wani pok mah, ja puguh rumasa, ukur urang kampung luhur gunung, asa jauh tanah ka langit darajatna, ceuk parangsana.  


Harita Ayah Sarna ukur wawakil Puun, nu datang sataun sakali géh ku pédah katangtuan, kudu ngalakonan tradisi Séba, ngasuh ratu ngayak ménak, mageuhkeun tali paranti, ngaraketkeun duduluran, minangka ngaku, ilu kana kawijakan pamaréntahan nu rasmi.


Euweuh kajadian anéh dina séba harita. Biasa baé sakumaha talari, kabiasaan saban taun. Nu ti Wiwitan nyérénkeun sasarat kabiasaan séba, nepikeun amanat Puun sakumaha mistina. Atuh sabalikna Sultan, kacida narimakeun jasa kana pangaku urang Wiwitan, malah omat-omatan neundeun talatah, salam hormat ka Puun jeung kokolotan di kampung adat.


Ku hanjakal, Sultan teu nyebutan hiji-hijina pangagung nu harita ilu merbayaksa narima nu Séba. Padahal Ayah Sarna jeung sakabéh nu ilu séba harita, nanggoan jasa Sultan ngenalkeun jajaran panglima-panglimana. Ku hayang miceun kapanasaran, ka nu sila gigireun korsi Ingkang Sultan.



Sanggeus kedal pamaksudan ka kolotna, haténa asa bangblas. Leungit sagala bangbaluh nu ngagantung dina pikiranana sakebel ieu. Hanas ditarima atawa henteu, leus teuin, kolotna nu boga lilinggeran pikeun nangtukeun pamilihna, rék nyaluyuan, atawa sabalikna. Suta teu paduli, nu penting dirina geus ngabéjakeun sakahayangna.


Indit ti Wiwitan nunutur indung suku, ka hilirkeun. Mapay-mapay walungan Ciujung nu luak-léok. Suta ilu nuturkeun cai. Diajar kana cai, yén hirup kudu ngamalir sakumaha kaayaan. Mun nabrak kana panghalang kokocoran, caah ngaranna. 


Suta diajar kana gelebugna angin nu neumbag tatangkalan. Laju dahan, daun jeung régang ngaléok nuturkeun séahna angin. Ulah jeceng ngalawan angin, bisa kacabut jeung akar-akarna. Angin puyuh liliwungan ngaranna.  


Suta diajar kana mahluk di walungan, nu baretaheun satempatna-sapangaresepna. Dina sédong, dina leuwi, dina wuwungan, dina lolongkrang babatuan, dina leutak, dina cai hérang jeung cai kiruh, papada nempatan sakumaha alamna. Hirup kudu bisa tumpa-tumpa, milih pangcicingan pangjinekkan.


Buhaya nu kawentar galak, horéng éta pikeun nu ngagunasikana. Buhaya ogé bisa nulungan ka nu nulunganana. Suta nu kungsi nyalametkeun buhaya basa kagencét kai gedé, buktina mah nulungan manéhna barang butuh rawayan pameuntasan.


Loba lalakon nu kaalaman ku manéhna sakebel leumpang. Asak pamikirana, asak lilinggeranana, asak ketak-lakuna. Suta diajar ku maca nu karasa, kadeuleu, kadéngé jeung kalakonan. Nepi ka jogna ka hiji patempatan nu ahéng, alam nu béda sagalana jeung lemburna, Suta teu galideur, geus siap ngalagéanana.  


Manéhna datang ka hiji dayeuh nu ramé, pasurabeng jelema, lalar-liwat samaksudna-satujuanana séwang-séwangan. Haliwu. Rariweuh beurang pakepuk peuting, digarawé taya kacapé. Tapi éta kaayaan, teu matak sebér ngayonanana. Dilagéan sakumaha kuduna. Suta nu urang lembur tungtung gunung, kabuktian bisa ngalakonanana.


Tina hirup nu pinuh ku talari tradisi, nu wargana euweuh wani mungpang, ngajanggélék jadi parajaka nu hirup dina kahirupan sarwa séwang-séwangan, sarwa itung-itungan, sarwa nyekel aturan hukum dunya. Di dinya, di puseur dayeuh Surosowan Banten, Suta mindah rupa jadi jalma pinter, singer, rapékan, kapaké ku sasaha, nepi ka tutugna, diangkat jadi ponggawa kasultanan. Samalah kadieunakeun diangkat jadi panglima perang andelan Ingkang Sultan, nu katelah Pangéran Wira Suta.


Pangéran Wira Suta kuari, bisa diuk gigireun Sultan, nalika pasamoan jeung para ménak. kaasup marengan Sultan mun keur narima nu Séba.  


Sapeupeuting Pangéran Wira Suta teu bisa saré. Ingetanana malik ka buri, mangsa keur parajaka narémbongan minuhan pikirna. Ngahulengna teu béda jeung basa harita, barang deuk mimiti pok, kokono kana abahna, ku pédah hayang indit ninggalkeun lembur, nyiar pangalaman. 


“Nrimo sing arep séba baé, semono bingungé sih Pangéran?” bikang geulis nu sakebel-kebel neuleukeun tina pangsaréan, ngabuyarkeun lamunanana.
“Émang sing arep séba ésuk niku, sing pundi Pangéran?” nu geulis nalék deui.
Nu ditanya bangun reuwas, beuki bingung, antara balaka, atawa nyumputkeun béja.
“Dudu kuen sing dadi lamunan kuleu, Diajeng!” ngajawabna pondok jasa, padahal manéhna nyumputkeun lalakon nu panjang jasa.


Bulan nu moncorong nyaangan sakabéh nu aya luareun jandéla, ngaharéwos, pang Pangéran Wira Suta, ulah balaka. Jagisuk kumaha bréhna, ceuk bulan dina caangna.
Isukna, bener baé nu Séba urang Wiwitan, Juru Basana Aja, batur pakumahana baheula.

  

Samulangna nu Séba, Pangéran Wira Suta, teu ilu bubar jeung réngréngan pangagung séjénna. Bérés jajap ngahormat Sultan nu asup deui ka karaton. Pangéran Wira Suta balik deui ka Paséban, ngudag nu tas merbayaksa. Hanjakal geus suwung. 


Laju gasik ngudag ka hareup. Di Sri Manganti ogé suwung. Ti Pakarangan Sri Manganti, écés jasa, ti kajauhan, urang Wiwitan kadeuleu tonggongna, singarungkug leumpang suku ngajarauhan gapura, ka kidulkeun. Haténa galécok, ku hayang apal béja, kumaha kaayaan di lemburna. Hayang cacahan kebel. Nanyakeun Ambu, Abah, balad-baladna, kabéhanana. Ogé hayang kokono lalakon dirina, sakebel ninggalkeun Wiwitan nu teu bébéja teu cacarita ka batur-baturna.


Karék géh deuk ngaléngkah, tina panangtunganana di pakarangan Sri Manganti, deuk nyusul nu singarungkug, laju aya abdi dalem nu deku hareupanana. 
“Kangjeng Pangéran, panjenengan ditonggoni Ingkang Sultan seniki!”
Reg… cacahan kudu diteundeun heulan.  




Ciwasiat, 21 Desember 2021

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama