JAMAL JEUNG KAMAL



Ku Élih Hérlina


Ti mimiti asup ka rohangan, karasa kaku tur matak kesel. Teu kitu kumaha apanan acarana nu sakitu formilna. Ti mimiti prosési terus sambutan-sambutan nu eusina wejangan jang para wisudawan. Aya nu matak nyeuit, ari ras inget ka mangsa bajoang nganggeuskeun skripsi, karasa loba pisan gogodana. Tina kituna, sanajan hésé béléké ogé kiwari geus cacap, dipungkas dina poé ieu.


Aula geus karasa panas, sok sanajan maké AC ogé, kapasitas rohangan pinuh pisan. Acara wisuda geus lumangsung leuwih ti dua jam, geus deukeut kana puncakna. Dimimitian ku ngabéwarakeun lulusan nu meunang peunteun panghadéna jeung waktu kuliah panggancangna ti unggal jurusan. Dimimitian ti program S1. Diteruskeun ka S2, pamungkas S3. 


“Lulusan terbaik program doktor diraih oleh Dr. Kamal Syarifudin, M.Si, dengan IPK 3,95, lama studi 31 bulan, program studi Doktor Pendidikan Luar Sekolah, yudisium dengan pujian.” Soara halimpu nyebutan préstasi Kamal, adi kuring. Saréréa émprak, tamu ondangan jeung para wisudawan kaasup kuring nu sarua diwisuda. Indung bapa katingali carimasbas kebek ku kabungah. Sanggeus meunang pangbagéa ti réktor jeung anggota senat, Kamal balik deui kana tempat diukna.


Basa ngaliwat ka hareupeun kuring, leungeun katuhu Kamal ngélék gulungan keretas hideung, leungeun kéncana nu meureup diangkat luhur ka hareupeun. Kuring males imut bari ngangkat dua jempol. Mungguh haté mah ngageuri. Kuring jeung Kamal téh babarengan ti mangsa keur dina jero kandungan. Lahir ukur béda dua menit cenah heula kuring, tapi ari milik mah bet béda jauh. 


Réngsé lulusan-lulusan petingan, diteruskeun ka para lulusan séjénna kaasup kuring. Basa réngsé wisuda, indung jeung bapa katingali bagja pisan. Kuring jeung Kamal geuwat nyampeurkeun, terus tepak deku bari nyium dampal pananganana, kebek ku karumasa. Utamana mah kuring, rumasa geus loba nguciwakeun aranjeunna.


“Alhamdulillah Aa Jamal anaking, teu burung réngsé kuliah téh,” pokna cumalimba bari ngarusapan, deudeuh pisan.


Réngsé sungkem, indung jeung bapa digéndéng leumpang muru lawang ka luar. Para minantuna jeung incu-incu mapagkeun. Incu-incuna récét sagala dicaritakeun terus ngawilujengkeun kuring duaan.


Dipoto sakulawarga sababaraha jeprét, dina sabaraha gaya. Mulang kebek mawa kabungah, kagambar dina pameunteuna. Di imah geus nyiapkeun syukuran. Pangaosan ngondang dulur-dulur jeung tatangga, malahan ngondang ustadz sagala.


“Acara-acara hidep jeung babaturan mah wayahna dikénsel heula!” ceuk indung.


“Mangga, teu sawios Bu. Acara abdi sareng réréncangan mah da tos disiapkeun énjing,” ceuk Kamal.


“Abdi mah da teu gaduh acara, isin geus kolot,” tembal kuring bari seuri maur.


“Teu nanaon atuh Aa, rék ngora rék kolot ogé keur Ibu mah bagja.” Indung katingal cumalimba. Geus biasa ka kuring nyebutna Aa, ari Kamal mah Adé.


Datang ka imah, awak asa lungsé, blus wé ka kamar, ngadon ngedeng bari ngahérang. Implengan labas ka mangsa ka tukang. Kuring nu ti leuleutik leuwih unggul. Lamun bareng jeung Kamal, bapa hayang mangku, pasti kuring nu diheulakeun. Lamun indung méré dahareun pasti kuring heula. Loba nu muji kuring leuwih kasép batan Kamal, pajarkeun téh kuring mah cahayaan jeung amis budi.


Di sakola, ti SD nepi ka SMA salawasna kuring nu jadi juara umum. Kamal mah biasa-biasa wé, malah keur pelajaran éksak mah ripuh, ngan dipaksakeun da ngarah bareng jeung kuring. Basa rék asup ka paguron luhur ogé apanan kuring mah teu kudu tésting, langsung ditarima di paguron luhur téhnik nu panghadéna. Ari Kamal mah testing ogé teu teu lulus. Tuluyna mah Kamal nuluykeun di paguron luhur suwasta.


Ti dinya kuring jeung Kamal papisah. Kuring kuliah di jurusan téhnik pertambangan sedengkeun Kamal di pendidikan. Kamal mah leuwih resep kana widang atikan, sastra, seni, jeung budaya. Di dieu mimiti katingali bakat kamal nu sabenerna. 


Kuliah di paguron luhur téhnik nu mashur mémang teu gampang, aya momot beurat nu kudu ditanggung ku mahasiswana. Kuliah mah langsar, prakték ogé langsar, ngan dina palebah nyieun skripsi. Dina bagéan ieu loba pisan rorongo, nu leuwih parna mah loba pabéntar faham jeung pembimbing nu buntutna mah skripsi teu bisa anggeus. 


Kabingung teu manggih tungtung, rék balaka ka kolot teu wasa. Lamun ditanya saukur nyebutkeun keur prosés. Basa indung nyebut rék ka kampus, haté geumpeur liwat saking. Untung kolot percayaeun yén kuring teu perlu bantuan. Basa geus liwat waktu, indung nyarita deui ngeunaan sidang terus hayang ka kampus, teu bisa nyaram. Kuring geus pasrah, kumaha béhna, da mémang geus béak waktuna. 


Haté jumerit, basa indung kaluar ti rohang TU bari carimasbas. Harita kabuktian, kuring geus DO ti dua bulan ka tukang. Katingali kuciwa jeung nalangsa nu jadi kolot mangsa harita. Kuring teu bisa kumaha, sadaya-daya, rék dibeureum rék dihideung ogé. Di dieu katingali kajembaran aranjeunna, euweuh kecap kasar nu matak tugenah, kalah ngupahan jeung nitah langsung daftar ka suwasta, “Keun baé ijasah suwasta ogé nu penting otak paguron panghadéna,” kitu pok-pokanana.


Sabenerna, lamun daék wakca mah sigana moal nepi ka DO. Kuring apal pisan, indung bapa lain jelema boloho, loba kawawuhanana geusan nyalametkeun, tapi nyaéta atuh asa heurin ku létah. Label pinter nu geus nerap ka kuring nu ngalantarankeun éra mun kudu boboléh. Éta ogé nu nyababkeun teu daék ngéléhan lamun pabéntar faham jeung pembimbing. Nya, geus tamaha, geus kieu buktina kudu ngalaman DO.


Kuliah pindah paguron sanajan ceuk sawangan mah gampang da di suwasta tapi kanyataanana mah teu kitu. Loba mata kuliah nu béda nu kudu dikuliahan deui. Alhasil leuwih ti opat puluh SKS nu kudu dikuliahan katambah skripsi kudu ngamimitian deui. Nu tadina kari saléngkah deui ka sidang kiwari kudu ngawahan deui aya kana tilu puluh lima persén ka tukang.


Ari Kamal mah kuliahna langsar naker. Tilu taun geus réngsé S1, terus ngajar di SMA bogana yayasan nu sarua jeung almamaterna bari nga-asisténan dosén nu nyaaheun ka manéhna. Teu kungsi lila, meunang béasiswa S2. Lulus kuliah S2 ditarik jadi dosén maneuh di dinya, bari neruskeun ka S3. Tah dina poé ieu kuring jeung Kamal babarengan di wisuda.


“Aa, tos netepan? Acarana pan bada Asar!” kadéngé sora indung ngagalindeng.
“Mangga Bu.”
Teu kalékéd, loba karumasa ka nu jadi kolot téh. Aranjeunna mah sakitu nyaahna, tara ngorétkeun naon waé nu dipikahayang, boh ka kuring boh ka Kamal. Hanas éta hasilna béda, enya pan gurat nasib mah saha nu apal. Kamal meureun nu nasibna leuwih hadé, teu matak sirik, da kitu buktina.


Basa Kamal dua kali diwisuda mah kolot teu ngayakeun syukuran gedé. Cukup ngariung sakulawarga wé. Sigana ngaragangan ka kuring. Ari ayeuna mah siga nu bucat bisul sabab kuring geus diwisuda, sanajan dua lével sahandapeun Kamal. Keun wé da urang lembur mah teu arapaleun.


Dina ceramahna, ustadz kacida mikareueusna, tapi ari keur kuring mah matak éra parada. Kieu cenah pok-pokanana téh, “Dina dinten ieu Pa Arif Syaripudin nuju kasinugrahan. Dua putrana kénging kabagjaan. Duaanana tos réngsé nyuprih élmu. Cép Jamal tos janten insinyur sareng Cép Kamal tos janten doktor. Duanana istuning picontoeun urang. Tekun, leukeun, tur tawekal dina merjoangkeun cita-citana.”


Kabéh nu hadir kumecrék, ngarasa reueus. Keur maranéhna mah teu apaleun naon bédana doktor jeung insinyur. Sabenerna mah gelar kuring ogé lain insinyur tapi sarjana tehnik pertambangan, tapi da ari kalolobaanana mah nyarebutna insinyur wé jeung nyangkana mah satata jeung doktor. Malahan nyangkana kuring nu leuwih unggul, apanan ti leuleutik ogé kuring nu jadi bahan pamujian.


“Wilujeng Cép Jamal!” Mang Ihin tatangga nu pangdeukeutna nyampeurkeun bari ngajak sasalaman.


“Hatur nuhun Mamang.”


“Dupi Cép Kamal damelna di rumah sakit mana?” pokna, nanyakeun Kamal nu kabeneran keur kaluar heula narima telepon. Kuring jadi seuri maur, kapiasem ku kalakuan Si Mamang, panyangkana Kamal jadi dokter. Nyangkana ogé nuluykeun pagawéan bapa nu jadi mantri kaséhatan, malahan boga klinik tur kakoncara jadi mantri sunat.


“Sanés di rumah sakit Kamal mah damelna, tapi janten dosén.”


“Kutan, manawi téh di rumah sakit, apanan doktor,” pokna bari olohok, “Dupi Cép Jamal damel di mana?”
Rada ngahuleng, bingung pijawabeun. Enya gé kuring sarjana pertambangan tapi can boga ilengan rék digawé di mana. Pagawéan sapopoé mah mantuan bapa di klinik.


“Teu acan Mang, samentawis mah di dieu wé ngabantosan Bapa.”


“Atuh lebar, Kasép. Pan biasana insinyur mah ngadamel wangunan nu saraé, jalan, atanapi jambatan,” pokna. Kuring saukur imut, da mémang éta kanyahona meureun.


“Muhun Mang, ka payun mah abdi badé damel ka luar, mung abdi mah bagéan ngabor minyak tanah.”


“Tah kitu, hébatlah baraya Mamang aya nu jadi tukang minyak tanah,” pokna bari émprak. 


Teu kungsi lila katingali Kamal asup. Paromanna marahmay, imut teu weléh mapaésan biwirna. Nyampeurkeun ka kuring jeung Mang Ihin.


“Hapunten Aa, abdi moal dugi ka atosan, ayeuna diantosan ku pihak yayasan, alhamdulillah dipromosikeun janten ketua jurusan,” pokna.


“Waduh, naon téa éta téh Cép, Encép badé naék pangkat kitu?” ceuk Mang Ihin nyelengkeung.


“Muhun Mang, mangga dikantun!” pokna bari geuwat ka jero.


Teu kungsi lila Kamal jeung pamajikanana geus saged. Dangdanan resmi, pamajikanana ginding pisan, pakéan jeung perhiasan hurung hérang, polésan beungeutna rapih, sanajan geus umuran ogé katingalina awét ngora, tas Hérmés ngagantél dina leungeunna. Bubuhan sagala nyampak atuda anak tunggal nu boga yayasan pendidikan tempat Kamal ngajar. Imut kareueut, amitan ka nu ngariung. Béda pisan jeung pamajikan kuring nu ti barang jol terus nguruskeun urusan dapur. Beungeutna geus hinyay ku késang, pakéanana gé geus teu puguh larapna. Tiungna nyéngsol, bajuna geus diganti ku daster, hareudangeun sigana mah. Sanajan kitu, ari palebah imutna mah teu éléh ku pamajikan Kamal, sarua imut bagja, paromanna marahmay.


Kamal biantara sakeudeung ngeunaan dirina nu kiwari rék meunang kalungguhan anyar. Saréréa kumecrék reueus terus ngadunga sangkan Kamal aya dina kaberkahan. Kuring sakulawarga jajap nepi ka mobilna ngahiang kahijab ku anggang.


Kadatuan, Oktober 2022


Biodata Elih Herlina


Élih Hérlina dumuk di Kp Jati RT 03/12 Désa Mekarpawitan Kecamatan Paséh Kabupatén Bandung. Lulusan Pascasarjana Universitas Negeri Malang. Kiwari ngatik di SMPN 1 Paséh Kabupatén Bandung. Resep maca ti mangsa budak, ngawitan diajar nulis dimimitian ti digaungkeunana literasi. Buku Solo nu parantos medal Novel Sunda Hariring Asih sareng Kumpulan Cerita Anak Bahasa Indonesia Setelah Rumah Kami Roboh. Sababarahiji antologi gawé bareng para guru, Pantun NKRI, Gurindam Pancasila, Kumpulan Fiksimini ti Kertasari, sareng Kumpulan Puisi Sonian Selengkung Bulan. Antologi Haiku Mulia Ibu, Kumpulan Fiksi mini Nu Lilir Poé Ieu, Antologi Sajak Dua Bahasa Hanjuang Beureum, Kumpulan carpon Neang korona, Kumpulan Carpon Cinta, sareng carpon-carpon nu midang di Pikiran Rakyat, Galamédia, Galura, Majalah Sunda Midang, sareng Majalah Manglé.


Tiasa dikontak ngalangkungan surel elihherlina@gmail.com, fb Elih Herlina, atanapi ig elih.herlina.
Ngaraksa diri ku pangarti, ngaraksa raga ku pangabisa
Ngaraksa haté ku iman jeung takwa.

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama