Fiksi Mini Basa Sunda Banten




Olahan : Kang Rochendi Padeglang 



Cakrabanten.co.id,- Lebaran sakeudeung deui, dagangan can laku-laku. Mangkaning anak, garieung unggal saur nananyakeun iraha ka pasar meuli baju lebaran. Haté ngéntab, neuleu dagangan batur parayu.  Padahal ieu barang alus. Dijieun tina tunggul kai kolot, meunang ti  leuweung Gunung Kendeng. 



Keur ngabayangkeun nyiar bahanna, gurudug dua lalaki dibaraju ponggawa karajaan eureun hareupeun lapak.



“Tabé Ki Silah, Kami titah nyokot Dulang Karaton?!” cenah bari nunjuk kana dagangan kami.


“Eu…eu… hop baé ari kapaké mah!” najan geumpeur, kami ngajawab.



Dagangan kami satiluna dibawa, bari teu méré panukeurna. Kami ngajeugeu. Aya haren, jieunan kapaké panggedé. Aya kagét kupédah dibawa ponggawa karajaan. Aya ambek, ja teu méré duit pameulina.


Leng… kumaha bébéja kana kulawarga. Ja, barang euweuh, duit euweuh.


Bari tacan percaya kana kajadian tadi, kami balik. Leumpang leuleus asa ngalayang.


Ngabayangkeun béak dicacaplak indungna budak.


Tepi ka golodog, éwé kaluar, langsung ngagabrug, “Nuhun Kaka, itu deuleu kiriman satambruan, sagala aya, cukup tepi ka lebaran hareup!” 

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama