Carpon : SAKMAD ANAK PEMAIN DEBUS TI LABUAN

 

Wartika (Tika)
(Guru, Penulis, Penggiat Literasi)



cakrabanten.co.id,- Di kampung Labuan, aya hiji budak ngora anu ngaranna Sakmad ,pangawakkanna peureukeul jeung neuhneur . Sakmad téh anak Mang Jaka, hiji pamaen debus anu kawentar di sabudeureun Banten. Debus teh salah sahiji seni bela diri tradisional nu asalna ti Banten,tapi dipikawanoh oge diwewengkon sunda.pamain debus dina budaya sunda biasana jalma-jalma anu gede kawani nyanghareupan marabahaya jeung kanyeri tina pakakas anu seukeut jeung nahan panas,tah Mang Jaka dipikawanoh ku kaahlianana dina maén debus, sabab mampu ngalakukeun rupa-rupa atraksi anu matak ngagetkeun saperti ditusuk ku bedog dina beuteung ,motong letah,atawa leumpang dina ruhak panas.kecap “ debus” asalna tina Bahasa Arab nu hartina alat atawa sanjata seukeut.seni debus  mimiti diwanohkeun kupara ulama sufi minangka bagian tina dakwah pikeun nyebarkeun Agama Islam ,satuluyna debus nyebar jadi bagian tina tradisi budaya jeung hiburan masyarakat sunda ,kalayan ngandung nilai-nilai religious jeung hikmah lokal sarta ilmuna sok turun tumurun .Si Sakmad ti leuleutik geus biasa nempo bapana maén debus,Unggal upacara adat atawa festifal seni sunda  mang Jaka sok diundang , Sakmad sok iilueun jeung bapana manéhna sok reueus lamun nempo pertunjukkan bapana  teu teurak kupakakas seukeut atawa leumpang dina luhur ruhak panas bari teu sieun seneu di asupkeun kana sungutna.



Kaahlian Mang Jaka ngajarkeun Sakmad yén kudu boga haté anu kuat jeung gede kawani dina sagala hal ulah eleh jajaten kudu bisa neruskeun jeung ngamumule budaya debus.



Ngan, sifat wani Sakmad ieu kadang-kadang lewih ti wates. Sakmad sok remen gelut di sakola, lantaran teu daék éléh upama aya anu nantang. Guru-guru di sakola jadi pada bingung ku polahna Sakmad jadi adigung teu kaop kasinggung baturna laju bae maen tonjok . Nepi ka hiji mangsa, kapala sakola mutuskeun pikeun ngaluarkeun Sakmad ti sakola da geus loba  kajadian  baturna Sakmad jadi korban bahkan mang Jaka remen di panggil ku guruna sakmad,mang Jaka ngarasa  geus era jeng kudu kumaha?  sakmad geus diomongan oge kitu bae,sajaban loba orang tua batur sakmad nu jadi korban ngalaporkeun ka kapala saakola yen si sakmad kudu dikaluarkeun sakola jadi teu aman barudak sarieuneun ku sakmad.Indungna Sakmad, Bu Emah, ngarasa sedih ku kalakuan Sakmad,tapi Mang Jaka henteu ngarasa kuciwa geus tumariama kana kalakuan sakmad , hiji poe mang Jaka ,bi Emah jeung Sakmad  ngariung di tengah imah,pok mang Jaka nyarita ka Sakmad, "sakapeung kahirupan téh kudu leuwih ti sakadar élmu di sakola,tapi urang kudu bisa nahan diri ulah ngalajur nafsu ngumbar amarah tah kawas kieu kajadianna,hanjakalmah tara tiheula,urang boga elmu pikeun ngalakukeun hal-hal anu bener."lain jang kasombongan.Sakmad tungkul teu wanieun nempo beungeut bapakna,sabab ngarasa salah.



Sanggeus kajadian mang Jaka terus-terusan ngalatih Sakmad. Sakmad tambah sumanget latihana sagala rupa jurus debus ti Mang Jaka geus ka paham ku manehna . Dina hiji mangsa, aya acara gedé di Pandeglang anu ngondang pamaen debus. Mang Jaka jeung Sakmad oge ka ondang,kasempetan pikeun nempokeun kaahlianana di hareupeun Bupati Pandeglang. Penampilan maranéhna narik perhatian, Sakmad katempo gagah make pakean serba hideung jeung sirahna di iket breh ponggawa karajaan ,warga-warga loba nu hadir ngrasa  reueus kana pertunjujukkan sakmad jeung mang Jaka,sora surak jeun suita ngaramekeun suasana.



Teukungsi lila ti harita, Mang Jaka diondang pikeun maén debus di Jakarta. Sakmad ogé diajak ku mang Jaka ,maena di panggung gede nu ktempona pohara megahna , penampilan Sakmad jeung bapana jadi perhatian sabab bapak jeung anak bisa maen debus anu matak narik perhatian penonton ,Sakmad ngarasa bagja pisan bisa maén di kota  mintonkeun kasenian jeung budaya Banten di kota Jakarta bari ditempo ku réa jalma nudaratang ti unggal daerah.



Waktu terus lumaju, Sakmad menang loba pangalaman dina seni debus jeung terus -terusan dilatih ku bapakana . Ku sabab kaparigelanana, Sakmad ditawaran jadi pamaen piguran dina pilem laga. Sakmad narima tawaran éta sarta mimiti asup kana dunya pilem. Sanajan ngan ukur pamaen piguran, Sakmad ngarasa pohara bagja bisa ngamangpaatkeun kabisana main debus dina pilem.



Hirupna ayeuna robah, ti mimiti budak anu sok gelut di sakola, nepi ka jadi pamaen pilem. Sakmad sadar yén kabisana jeung kawanina  kudu dipaké dina bebeneran tong dipake adigung. Ayeuna Sakmad jadi inspirator keur barudak ngora di kampungna, mun sumanget diajar jeung disiplin, dina neuleuman elmu naon waé,sagala kahayang, bakal kapanggih hasilan komo mun dibarengan ku Niat nu hademah .Kiwari Skamad jadi kabanggaan kolotna.



Tamat.


Serang ,14/05/2024

Tika .

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama