Dina Jandela Nu Muka

Dina Jandela Nu Muka

Ku : Teteng Jumara 
(Pengasuh Saung Sastra Tangerang Banten)
 

Dina jandela nu muka
aya gupay panineungan
nu lawas tan katingalan
narembongan piligenti
siga lukisan nu tacan dipiguraan
 

dina jandela nu muka
aya sajak nu can tamat
kaburu jadi bangkarak
kabawa lambak sagara
umpal-umpalan ka jauhna
teu kahontal najan hate ajol-ajolan
 

dina jandela nu muka
aya dangding can diguguritan
nu ngawih teu dialokan
harendong meuhpeuy bareureum
can kaburu dialaan.

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama