Ulah Mikir Memeh Ngalamun
(Jangan terlalu banyak membayangkan sesuatu yang negatif yang belum tentu terjadi)
(Ku : Edi Cahyadinata)
cakrabanten.co.id,- Mungguhing jalma kumulendang di alam dunya seueur pisan halangan harungan anu karandapan, kadang matak aral subaha lamun teu inget kana papasten Gusti Nu Maha Suci, mung bisa dicirikeun lamun hirup awuntah sok katangar kahirupanna mubah tur sarakah, kukituna kedah titih rintih gumati tur ati ati dina mawa diri sangkan tarapti dina waktosna dipundut ku Gusti.
Sakumaha paribasa, ”Ka hareup ngala sajeujeuh ka tukang ngala salengkah”, kedah ati ati dina lumampah ngajalankeun kahirupan sangkan hurip dina hirupna teu tunggul dirarud catang dirumpak. Jiga jalma anu teu gaduh ageman atanapi tujuan hirup, nu ahirna munculkeun rupa rupa masalah jeung cilaka dina ahirna.
Dina ngambah sagara kahirupan oge “ulah mikir memeh ngalamun” teu kedah kaseueuran teuing ngemut anu teu aya buktosna, lamun bade ngalampahkeun hal kahadean anu ahirna mugagkeun padamelan anu sakedahna parantos rengse ahirna kabobolerkeun komo dina hal ibadah mah kedah nincak kana mangsana cunduk kana waktuna.
Kaseueuran jalmi teh sok seueur teuing ngemut kawengku inggis ku bisi rempan ku sugan, ngemut anu kalalangkungan loba kasieun memeh ngalakonan.
Hayu urang lumampah dina tetekon agama jeung darigama sangkan kahirupan aya dina kasalametan dunya rawuh aheratna, mugia Allah SWT salamina masihan pituduh kana jalan anu lempeng nyaeta jalan anu dipiharep ku Anjeun – Na. Cag !
Posting Komentar